Powered By Blogger

Minggu, 22 Maret 2009

aksara sunda

Aksara Sunda nujul ka hiji sistim ortografi hasil karya masarakat Sunda nu ngawengku aksara jeung sistim kaaksaraan pikeun nuliskeun basa Sunda. Aksara Sunda ngarujuk ka aksara Sunda Kuna nu kungsi dipaké sahanteuna ti abad ka-14 nepi ka abad ka-18.


Sajarah

Salian ti aksara Sunda Kuna, kaadaban Sunda ogé kungsi wanoh jeung sababaraha sistim aksara lianna, di antarana

Sacara resmi, pamaréntah Jawa Kulon ngaliwatan Perda taun 2003 geus ngarojong aksara Sunda pikeun pakéeun sapopoé.

Komputerisasi

Komputerisasi aksara Sunda nalika medarna publikasi resmi ngeunaan aksara Sunda ti Pamaréntah Jawa Kulon. Conto mimiti nyaéta "Aksara Pakuan" dina wanda OTF.

Salian ti éta, dina bulan Januari 2006, proposal pikeun ngodekeun Aksara Sunda dina format Unicode geus dikirimkeun ka konsorsium Unicode. Prosés ieu bakal jalan dua taun lilana. Diharepkeun dina taun 2008, aksara Sunda geus asup kana susunan Unicode versi 5.0.

Susunan Aksara Sunda

Aksara Sunda diwangun ku sababaraha komponén, diantarana:

  • aksara ngalagena
  • vokal mandiri
  • aksara swara
  • tanda baca
  • angka

Aksara Ngalagena

Gambar:AksaraSunda-Ngalagena.png

Aksara Vokal Mandiri

Gambar:AksaraSunda-Vokal.png

Aksara Swara (Vokalisasi)

Gambar:AksaraSunda-Vokalisasi.png

Angka

Gambar:AksaraSunda-Angka.png

Conto makéna

Asmarandana

Gambar:Asmarandana-sunda.png

Éling éling masing éling,
rumingkang di bumi alam,
darma wawayangan baé,
raga taya pangawasa,
lamun kasasar lampah,
napsu nu matak kaduhung,
badan anu katempuhan.

Ladrang

Gambar:Ladrang-sunda.png

Tidak ada komentar:

Posting Komentar