Selasa, 17 Maret 2009

Leuweung

Ngaran hiji tempat téh raket patalina jeung sajarahna, kaayaan alamna, katut kabiasaan masarakatna. Tina carana méré ngaran tempat, upamana, bisa kanyahoan pasipatan katut angen-angen masarakatna. Anu matak bangsa-bangsa anu ngahargaan kana sajarah mah tara gampang ngaganti ngaran lemburna. Lamun téa mah kudu nyieun ngaran anyar, tara diwangwang atawa asal gaya anu pihartieunana ukur ku kirata alias “dikira-kira malar nyata”.

Aya anu nyebutkeun kalolobaanana ngaran tempat di Tatar Sunda mah dipiheulaan ku kecap ci, anu hartina “cai”, saperti Citalang, Cikeris, Cibatu, Cibodas, jeung Cisantri. Malah di Purwakarta ogé aya kampung anu ngaranna Cibulé di Sukasari, Cijangggot di Cisalada (Jatiluhur), Cikodok di Cisaat (Campaka), jeung Cimaédod di Palinggihan (Pléréd).

Mémang ngaran tempat anu maké ci di Purwakarta kawilang loba. Tapi ari ngaran kampung anu méh aya di unggal kacamatan mah nya éta Kampung Krajan. Ngaran Kampung Krajan di antarana baé aya di Kelurahan Tegalmunjul (Purwakarta), Désa Maracang (Babakan Cikao), Désa Parakanlima (Jatiluhur), Désa Cikopo (Bungursari), Désa Campakasari (Campaka), Désa Ciracas (Kiarapedes), Désa Wanayasa, Taringgul Tonggoh, Sukadami (Wanayasa), Désa Situ jeung Salamjaya (Pondoksalam), Désa Nangéwér (Darangdan), Désa Cileunca jeung Cikeris (Bojong), Désa Cibatu (Cibatu), Désa Cibogohilir (Pléréd), jeung Désa Citalang (Tegalwaru).

Naon atuh hartina krajan téh? Aya nu nyebutkeun cenah tina “karajaan”. Lamun enya téh, meureun baheulana mah di Purwakarta téh loba karajaan atawa patempatan anu aya patalina jeung raja. Bisa jadi deuih lain. Pikeun ngajawabna, jelas mikabutuh panalungtikan anu daria. Sabab bisa jadi aya patalina jeung sajarah Purwakarta. Éta téh kakara tina hiji ngaran kampung. Mangkaning ngaran kampung di Purwakarta téh aya ratusna, komo lamun jeung ngaran kampung anu geus diganti mah, ku lantaran ngarasa henteu gaya téa. Kurang PD. Poho wé kana sajarahna mah.

Ari kabiasaan masarakat méré ngaran tempat, biasana nyoko kana hiji kaayaan, kajadian, atawa kabiasaan snu diarah gampangna. Tara ieuh dihésé-hésé jeung digaya-gaya. Tapi ku cara kitu bet jadi ahéng. Conto deukeutna mah ngaran-ngaran tempat anu aya di Désa Cihanjawar, Kacamatan Bojong.

Sababaraha taun ka tukang aya kapal ragrag di tutugan Gunung Burangrang, anu aya di wewengkon Désa Cihanjawar. Éta kapal téh dipilotan ku Marsekal Ramli. Kapal anu leungit kapanggih ngajéngjéhé di hiji legok sarta Marsekal Ramlina ogé geus jadi mayit. Tah, nepi ka ayeuna tempat kapanggihna kapal jeung mayit Marsekal Ramli téh ku urang dinya dingaranan Legok Lomri.

Naha Legok Lomri lain Legok Ramli? Apan diarah gampangna téa, diluyukeun jeung létah urang dinya anu babari kénéh nyebut ngaran Lomri tibatan Ramli. Apan Bi Romlah ogé nénéhna mah Bi Elom, malah sakapeung sok aya nu nyebut Bi Lomrah.

Teu jauh ti dinya, aya deui ngaran tempat anu dingaranan Goréntél Mééd. Ari sababna, Mang Mééd urang Cihanjawar kungsi tigoréntél di dinya. Nya ngaranna “diabadikeun” di éta tempat nepi ka ayeuna. Sed ti dinya, aya curug anu katelahna Curug Ma Urni. Pédah Ma Urni keur jumenengna sok ngebon-ngebon di wewengkon éta curug. Ari lokasina teu jauh ti Pasir Andi, tempat Mang Andi “nyepén” sabada reureuh tina gawé sapopoé.

Saenyana masih kénéh loba ngaran tempat arahéng di Cihanjawar téh. Kakara di satempat éta téh. Bisa jadi di tempat séjén ogé teu jauh ti kitu.

Tidak ada komentar:

Poskan Komentar